Laratan Historiografi Sunda Poskolonial

Ku ASEP SALAHUDIN*

Almarhum Edi S. Ekadjati pernah ngabagi historiografi Sunda kana tilu bagian. Masing-masingna tangtu mibanda watek anu beda. Kahiji, historiografi tradisional. Dina dapuran historiografi ieu antara anu faktual jeung mistikal masih keneh gumulung. Antara sejarah jeung dongeng ngahiji contona jiga dina Bujangga Manik, Carita Parahiyangan, Carita Waruga Guru, Carita Purwaka Caruban Nagari, Sejarah Banten, Sejarah Sumedang, Sejarah Sukapura, Carios Prabu Siliwangi, Negarakertabumi; kadua, historiografi lokal. Historiografi ieu ditulis muser kana karep midangkeun geografi anu aya sabudureun tatar Pasundan naha ditulisna mah deskriptif atawa analitis. Contona wae Sejarah Sumedang (Dr. Asikin Widjadjakusumah jeung Asik Natanegara), Sejarah Kabupaten Bandung (1973) Sejarah Kabupaten Kuningan (1980), Sejarah Jawa Barat (1982), Cerita Dipati Ukur Suatu Jarya Sastra Sejarah Sunda (1979-1984).

Katilu, historiografi kolonial. Samodel historiografi anu disusun ku kaum kolonial ngenaaan tanah jajahanna utamana lolobana ku bangsa Walanda. Sawatara buku bisa digolongkeun kana kolom katilu itu kayaning Geschiedenis der Soendalanden (J. Hageman), Priangan (Dr. FD Haan), Overzicht van de hervoming wan het Preanger Stelsel (1887) yasana Henri Charles van Meerten, Priangan 4 jilid (Dr. F. De Haan), De Cherbonscheonlusten van 1818 Naar oorsprongkelyke Stukken (PH van der Kemp).

Geus tangtu historiografi kolonial ieu eusina kalolobaan ngenaan beja tanah jajahan kalawan nandeskeun kumaha pentingna maranehanana mun dibandingkeun jeung kaum pribumi. Dilukiskeun oge ngenaan badagna yasa kaom kolonial ka bangsa urang bari jeung ngajejeleh hengkerna urang pribumi, majarkeun primitip, teu bisa mikir rasional, gawena tara daria, jeung lian ti eta.

Ceuk basa kiwari mah, kaum kolonial ngaliwatan historiografi samodel kieu lain wae boga maksud ngajajah sacara pisik tapi oge ngajajah ngaliwatan pangaweruh ku cara ngawulak-walik kaayaan bari jeung deuih hal ieu teh di bejer beaskeun ka jalma rea tepi ka nyaliara dina memori kolektipna. Ngaheueuhkeun kana naon anu dicaritakeun jeung ditarulisna.

Historiografi jiga kieu anu disebut politik hegemoni ku Gramsci. Nya pamustunganana mah dina raraga nancebkeun hiji kasadaran ka balarea rehna kolonialisasi teh lain wae alus tapi oge geus sakuduna dina raraga ngajait nasib urang pribumi.

Snouck Hurgronje conto sejen sarjana Walanda anu geus hasil mintonkeun ”kawasa kolonial” kalayan eksploitatif dina dapuran kognitif. Mangga ilikan kumaha rancagena Snouck nyusun proposal sangkan dijadikeun kawijakan Walanda anu intina mah nandeskeun pentingna budaya jeung agama dibirokratisasikeun. Islam diropea sina bajir pon kitu anu ngaragemna ditarekahan sangkan henteu panatik kana agamana tepi ka hilang wawanena, teu boga kawani pikeun nanyakeun hak-hakna anu dirampok. Snouck oge apaleun pisan rehna gerakan tarekat teh mibanda potensi pikeun ngaruntageun kakawasaan lantaran para jamaahna kacida tuhuna kanu jadi guruna, ku Snouck meh di ear-ear tarekat teh bid’ah jeung tahayyul. Antukna mah Islam jadi leungiteun komara da puguh dipurutulan watek kritisna, beh dituna anu ngaburial teh apan beunguet agama anu sarwa ritual jeung budaya anu ’heurin ku letah.’ Mataholang agama minangka ”ideologi kritis” teu pernah ngarongheap da dicocokan ku tapsir mikung Snouck.

Dina konteks kasundaan budaya anu lumpuh ieu teh nyababkeun para menak di Tatar Priangan dijiwun alat ku maranehna pikeun ngarojong politik kolonial. Mun baha tanwande menak eta bakal lengiteun kakawasaana. Antukna eta menak teu walakaya, ngiringan kumaha anu dibendo satuhu kana naon anu diparentahkeun ku Gubernur Jendral Van der Capellen (1817-1826), Van den Bosch jeung Pahud. Maranehna pinter pisan ngagunakeun otoritas tradisional para menak pikeun kapentingan eksploitasi Tanam Paksa tea.

Tinangtu kolonialisme fisik ieu geus tamat, titimangsana nalika Indonesia diproklamasikeun. Najan kitu taya nu ngajamin watek kolonial ieu bakal hotam malah boa-boa lumangsung tepi ka kiwari, palangsiang oge dipintonkeun ku dulur-dulur urang keneh, ku bangsa sorangan. Tangtuna ge bakal leuwih peurih jeung nyeri hate.

Jejer kolonial bakal tetep luyu jeung kaayaan justru nalika penjajahan fisikna geus tamat. Kiwari salin rupa penjajahan wacana, pangaweruh, jeung basa anu balukarkeun bisa-bisa leuwih ngabahayakeun. Studi postkolonial tiantarana ngingetan hal ieu. Postkolonial ngabongkar (dekonstruksi) wacana-wacana anu terstruktur, kaasup ngabolekerkeun motif-motif politik, kakawasaan jeung budaya anu nyamuni. Jiga anu geus disurahan ku Ferdinand de Saussure dina sawatara buku-bukuna. Atawa Michel Foucault anu ngagambarkeun ceunah kakawasaan teh lir jaringan anu sumebar dimana-mana jeung siap ngajiret urang lamun urangna cileureun. Pancakakina teu kudu wae anu kumawasa tempatna diluhur anu dikawasa dihandap, bisa sabalikna, bisa sungsang, bisa ti madhab papat.

Pon kitu Edward Said dina paradigma orientalismena taun 1978 nemrakeun pamanggihna ngenaan pentingna dekonstruksi “kasadaran tandingan”. Keur Said mah orientalismeu teh hiji wacana ilmiah anu oge teu bisa objektif da gening satukangeunana tetep nyempod kolonialisme. Malah kolonialisme ieu teu kudu wae datang ti kaom penjajah bisa wae datangna ti kaum anu dijajah, badis pisan kaayaanna jiga di urang-urang lain?.

Dina konteks kesundaan, cenah penjajahan eta geus lumangsung ti mimiti Mataram tepi ka ordeu baru anu dina emprona mah nagara ordeu baru eta teu mere omer pikeun tumuwuhna ajen kamerdekaan hakeki boh dina widang ekonomi, politik sumawona budaya. Bakating ku lila-lilana jadi manusa jajahan, nya ku Ajip Rosidi mah disebut hal ieu teh anu jadi bibit buit manusa Sunda kiwari kudu ngalaman gering nangtung ngalanglayung. Manusia anu dina brehna mah jauh tanah ka langit jeung naon anu aya dina paririmbon karuhun urang abu sakitu gede wawanenna, kritis, terbuka, sakumaha kabaca dina Carita Parahiyangan, Bujangga Manik, Lutung Kasarung atau Sanghiyang Siksakandang Karesian.

Kasadaran ngenaan kolonialismeu non fisik ieu ku urang karampa ti antarana tina novel Tatang Sumarsono, Garuling Gending, Murang-Maring-na Godi Suwarna, Anak Jadah-na Cecep Burdansyah atawa dina carpon-carponna Usep Romli, HM.

Wacana poskolonialismeu geus sakuduna nancebkeun kasadaran pentingna ngaleupaskeun budaya jati ka silih ku junti, ngecagkeun komunikasi heurin ku letah. Kalawan militan bawirasa kudu dilakukeun ekspektasi nalar jeung mobilisasi horizontal (basis kultural anu nyata jeung solid lain ukur jadi gerakan kesundaan pikeun tujuan-tujuan pribadi jeung kelompok heureut). Sakaligus ngotektak saban motif kuasa jeung struktur pangaweruh anu boa-boa jadi sababiyah nu ngabalukarkeun ki Sunda pareumeun obor, linglung dina sisimpangan sakumaha katara tina sawatara padungdengan sawala budaya anu diayakeun boh ku UPI (2 Mei 2011), Masyarakat Sejarah Cabang Jawa Barat gawe bareng jeung BI (20 Mei 2011) atawa seminar internasional ngenaan kasundaan anu diayakeun dua bulan samemehna ku UNPAD. Poskolonialismeu penting jigana sangkan karep mikung sing saha wae anu ngalarapkeunana bisa kahongkeun, bisa katohyan belangna ti anggalna.***

*Nu Nulis, ngajar di IAILM Suryalaya Tasikmalaya : LARATAN HISTORIOGRAFI SUNDA POSKOLONIAL/Majalah Bulanan CUPUMANIK/Juni 2011

5 Komentar

  1. MAS berkata:

    salam… menapaki jejak..

  2. حَنِيفًا berkata:

    Wahh… musti alun-alun macana nih,… sayah mah sundareh 😦

    Salam tepang kanu Kasep 😉

    ——————
    Kopral Cepot : Hatur tararengkyu kang … sono yeuh 🙂

  3. case berkata:

    Kalau kita nonton Film Laskar Pelangi, atau Film Sang Pencerah, maka merinding banget dengan kenyataan sekarang. guru2 bisnis, semua dibisniskan. apalagi mendekati lebaran dan tahun ajaran baru, BISNIS BUKU (JUALAN BUKU) dengan komisi yang waahhh… coba kaji, HARAM ATAU HALAL, jika mengacu pada kesepakatan dan kesetiaan pada aturan pendidik. kalau haram, maka bubarkan saja SD muhammadiyah garut, ganti saja dengan nama lain. toh Ahmadiyah juga syahadat menggunakan nama Muhammad (muhammad yang beda/dari india, meski bunyi sama) tapi harus dibubarkan, begitu juga dengan muhammadiyah Garut, jangan2 muhamadnya nama orang lain. terutama SD Muhammadiyah Garut. saya orang tua murid yang juga aktifis PERS dan LSM yang peduli dengan Muhammadiyah, sengaja membuat tulisan ini karena kecewa dan punya bukti, baik data berkas, maupun rekaman dari
    murid/orang tua siswa/sebagian guru/distributor buku.

  4. Rani fitriyani berkata:

    wah ada-ada aja ya ,,,
    seru mas…

  5. Nuraeni berkata:

    artikel yang menarik..

Tinggalkan Komentar