Maca Sajarah Islam di Indonesia ~bagean kahiji~

~Mencoba belajar menuliskan sejarah dalam bahasa Sunda~

1905

Urang Bumiputera geus loba nu bisa maca, jalan meuntas pikeun sadar kudasar ngarti ladang boga pangarti. Walanda nanding lain dina tanding lain ngajak padungdung tarung, mangaruh weruh dina pikir sirna ing dzikir. 1905, datang tandang syarekat dagang nganggem Islam pikeun ngangkat harkat darajat urang bumi putra, supaya nyandang sejahtera, salamet tur merdeka.

Umat Islam di jaman harita disebut keur sare, butuh nu ngahudangkeun butuh nu ngageuingkeun, butuh nu mere kasadaran sangkan hudang tina kaayaan nu teu walakaya pedah lila di jajah bangsa deungeun bangsa Walanda. Ajen jeung harga diri bangsa pribumi salaku bangsa Slam atawa bangsa Islam kudu jadi kakuatan pikeun nanjerkeun kamerdekaan.

Alpukahna H. Samanhudi saparakanca neundeun tapak hade pikeun kamajuan bangsa. Di Kota Solo mentena ngadegkeun Syarekat Dagang Islam dina tujuan ngamulyakeun jeung nanjeurkeun Islam. Ngadakwahkeun Islam nu geus jadi ageman bangsa Bumiputera mang abad-abad lilana.

Syarekat Islam

H. Samanhudi ngajadi ciri mekarna syarekat pikeun rahayat, Dinul Islam jadi ageman organisasi pikeun nanjeurkeun cita-cita sajati. H. Samanhudi mipir basisir lain keur balantik dagang batik tapi seja neangan pemuda nu gede cita-cita ngalawan Walanda supaya Indonesia jadi merdeka. Di Surabaya Tjokro di boro, di ajak manggung nyieun carita jadi pemuda nu perkasa ngabela rahayat nu sangsara.

H.O.S Tjokroaminoto, mun nyarita capetang pertentang, mun nulis kaciri ideologis, dipikaserab ku musuh, dipikaajrih ku batur saperjoangan , watekna henteu epes me’er leutik burih. Mantena turunan raja nu boga dadasar jiwa kapamingpinan, deukeut ka rahayat leutik, ngatik para pamuda sangkan satya ka nagara tur agama. Syarekat Islam jadi jalan perjuangan, meunang ngarobah tina dagang jadi berjoang, rek nyaruakeun cita-cita ngabebaskeun manusia tina jajahan manusia sejen, ajen Islam anu unggul, napak jejak risalah nabi nyieun pidamel nu mawa ridho Ilahi.

Syarekat Islam ngajomantara sa nusantara, ngagedur ngaduruk jiwa anak bangsa nu hayang merdeka, ngalentab rasa sa bangsa sa agama sa papait sa mamanis pikeun sa reundeuk sa igel dina ngawangun kakuatan kakawasaan jeung kamerdekaan ku dasar sa bersih-bersihna Tauhid, sa luhur-luhurna elmu sareng sa pinter-pinterna syiasah.

Syarekat Islam jadi ciri perjuangan kaum pribumi. Cita-cita merdeka geus sabiwir hiji geus rea nu percaya. Opat taun lilana ti taun 1912 nepi ka taun 1916 jumlah anggotana geus 2,5 juta sumebar di nusantara. Walanda gimir ninggali kamajuan Syarekat Islam, reka perdaya di aya-aya sangkan Syarekat Islam teu berdaya. Infiltrasi jeung penetrasi ideologi anyar terus asup ka sabagian organisasi. Alpukahna Snevliet jeung Adolf Baars mawa ideologi komunis ti Eropa ka Nusantara, maranehna netep di Semarang neangan pemuda nu boga jiwa radikal revolusioner. Semaun diantarna nu kataji ku ideologi ieu mawa pangaruh di SI cabang Semarang nepi ka dijulukan SI-Merah pedah ka warnaan ku ideologi beureum. SI-Merah cabang Semarang jadi cikal bakal ngadegna PKI (Partai Komunis Indonesia).

Muhammadiyah

Sasih Dzulhijjah (8 Dzulhijjah 1330 H) atawa November (18 November 1912 M) mangrupakeun momen nu penting pikeun lahirna organisasi kaagamaan  Muhammadiyah.  Nepi ka kiwari Muhammadiyah jadi salah sahiji organisasi  gerakan Islam modernis nupang gedena di Indonesia. Muhammadiyah mawa ajen agama Islam, ngarintis jeung meloporan gerakan ngamurnikeun Islam. Hiji gerakan nu didirikeun ku  kyai alim, cerdas, jeung berjiwa pembaru, yaeta Kyai Haji Ahmad Dahlan atau Muhammad Darwis dari kota santri Kauman Yogyakarta. Kyai Haji Ahmad Dahlan sateuacana aktif di SDI nu dipimpin ku H. Samanhudi saterusna di SI mantena janten ketua bidang keagamaan di Syarekat Islam. Muhammadiyah jadi tempat ngadidik para pemuda pikeun melek agama, ngarti diniyyah nyetak jalmi nu sholeh sacara diri jeung sosial.

Tahun 1920-an

Nu melek jeung nu sadar bangsa kudu merdeka nambah loba, generasi anyar para rumaja sumanget diajar neang pangarti. Media propaganda tiap-tiap organisasi boga nafas nu sarua mawa misi Indonesia kudu merdeka. Generasi  anyar lahir di Indonesia, para pemuda welasan taun bakal nganteurkeun kana kamerdekaan.  Para pamuda saperti Soekarno, Hatta, SM Kartosoewirjo, Tan Malaka, Semaun   , Abi Kusno jeung rea-rea deui nu lahir di awal abad XX mawa fajar harepan dididik ku zaman diatik ku kaayaan neangan identitas diri ku pangarti. H.O.S Tjokroaminoto jadi guru salerea dina nyadarkeun para rumaja sangkan boga cita-cita ngamerdekakeun bangsa. Tiap-tiap pamuda mawa jalan hirup masing-masing, boga pikiran masing-masing, boga cara dina nanjeurkeun cita-cita ku carana masing-masing. Guru teu bisa maksa sabab diri boga kahayang nu teu sarua. Ideologi nambah loba sok sanajan mawa cita nu sarua.

Umat Islam Bangsa Indonesia nyieun tatapakan pikeun nanjeurkeun ajen kahormatan  dina dasar jeung kayakinan nu geus diperjuangkeun ku kangjeng Nabi Muhammad S.A.W nyaeta risalah Islam. Manhaj nabawi dipraktekeun di bumi pertiwi, Kalimah Ilahi jadi energi i’tiqodi sajati pikeun jalmi nu hayang mardhotillah sajati.

~ hanca sambungkeuneun…….  


15 Komentar

  1. Noer berkata:

    Salut atas penggunaan bahasanya. Moga selalu sukses kang…

    1. Kopral Cepot berkata:

      Hatur tangkyu … lagi belajar ajah mas 😉

      1. sang penanti berkata:

        kumaha nya hoyong tiasa nyeurat????????????????? supados aya jejak kango masa anu kalangkung

  2. Di Jual Rumah berkata:

    nice post gan ilmu urang nambah deui yeh

  3. latul berkata:

    ada versi bhasa indonesianya pak kopral???

  4. gogo berkata:

    wah ada diferensiasi bahasanya neh.. hehehe syg gak mudeng sunda

    ————–
    Kopral Cepot : Cuman latihan ajah brader 😉

  5. Aki Eman berkata:

    Postingan anu kalintang saena, ngawanohkeun basa Sunda ka balarea oge sakalian diajar sajarah. Asana tos lami kenal sareng Kopral Cepot teh, wilujeng tepang deui

    ———–
    Kopral Cepot : hatur nuhun aki parantos silaturahmi deui… 🙂 nuju di ajar, nyerat ku basa sunda. Gening teu gampil..

  6. DEDI.NST berkata:

    sy ska dng sejarah ISLAM di Indonesia….????

  7. DEDI.NST berkata:

    Posting ke Email sy tntang sejarah ISLam…???

    ———-
    Kopral Cepot : Maksadna ??? upami hoyong kantun klik “IKUTI BLOG MELALUI EMAIL” dipang handapna.

  8. DEDI.NST berkata:

    sy ska dng sejarah ISLAM di Indonesia….????nyerat ku basa sunda. Gening teu gampil..

  9. sang penanti berkata:

    sungguh menyakitkan, dan membuat darah ini mendidih, kalau seandainya punya kemampuan seperti dora emon wahhhhhh, indonesia bisa adil seketika!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!

  10. nbasis berkata:

    bahasa Allah yg belum universal ini sedikit menyulitkan, Kopral. Nyantri di mana biar bisa maca? ha ha

    ————-
    Kopral Cepot : Ikut program pertukaran tempat tinggal ajah pak, skali-kali singgah aja ke Bandung …. saya juga mau bisa bahasa orang2 Medan .. 😉

  11. herman berkata:

    ditunggu lanjutannya kang kopral.. 😀

  12. abdi kurang ngerti sama bahasanya ya. heeheh

  13. Wah mantap juga sejarah nya, sangat menarik.

Tinggalkan Komentar